LALANGSE
Wanci teu karasa nyèrèlèk
Muru waktu anu tangtu
Sadami demi sadami dilakonan
Anjeun tetep nembongan
Kalangkang anjeun ata dina paneuteup
Sora anjeun aya dina pangrungu
Rasa ka anjeun aya dina renghapan
Tapi...jirim anjeun lain nu kuring
Raga anjeun aya tileum tina paneuteup
Sora anjeun marengan pangrungu
Asih ka anjeun keukeuh nyaliara dina rasa
Sagemblengna...jadi panineungan
Salawasna jadi lalangse
Dina kahirupan kuring
Rasa nu teu weleh ngancik
Nyaliara dina diri....
Kud kumaha......?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar